Searching

Untuk Pemasangan IKLAN silahkan hubungi 0881-8274-990 via WA
Rabu, 07 Maret 2018

LAGU TANAH SUNDA

Lagu Tanah Sunda

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur  éndah)
nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (Sawawa) sing Towéksa (percéka)
nyagga darma anu nyata

    Seuweu Pajajaran
    muga tong kas'maran
    sing tulatén jeung rumaksa
    miara pakaya
    mémang sawajibna
    getén titén rumawat Tanah Pusaka

Titén kana (pakaya), harta banda (pusaka)
mo' kaduhung waktu jaga
Anu lian (mo'wasa) moal bisa (rumaksa)
ngatur ngolah jeung ngariksa

   Gembleng sauyunan
   singkil babarengan
   ngangkat darajat Ki Sunda
   Sunda kukuh kuat
   diraksa dirumat
   pasti jembar wibawa Indonésia

0 comments:

Posting Komentar